HRMlblCMFqqInfU78c3NMJxDetM02ycHTU9BqBl9

Lirik Lagu Kurang Piknik - Ibnu The Jenggot, Sundanis, Insane, Sulfuric and Duo Kerang

Selamat membaca serta menyanyikan lirik lagu Kurang Piknik yang dibawakan oleh Ibnu The Jenggot, Sundanis, Insane, Sulfuric and Duo Kerang. Dukung terus penyanyi idolamu untuk terus berkarya dengan cara tidak mendownload ataupun mengunduh lagu yang mereka miliki secara ilegal. Sebagai gantinya kamu dapat mendengarkan lagu mereka melalui layanan-layanan streaming online seperti Youtube, Spotify dan Joox.

Informasi Lirik Lagu

KeteranganData
Judul laguKurang Piknik
PenyanyiIbnu The Jenggot, Sundanis, Insane, Sulfuric, Duo Kerang
Songwriter#UpdateSoon
Kategori#LaguSunda

Lirik Lagu Kurang Piknik by Ibnu The Jenggot, Sundanis, Insane, Sulfuric and Duo Kerang

Kurang piknik nyieun hate rungsing
Kurang piknik kana sirah pusing
Kesel di imah ukur gulang guling
Loba teuing daring kudu piknik aing

Mangbulan bulan cicing di imah
Matak jangar pisan kana sirah
Rutinitas monoton nyien rudet
Boro boro pinter kalah jadi belet
Mereun aing ie kurang kurang piknik bray
Jadi pangedulan gawe ngan ukur heuay
Dahar lodom sare sare nepi ngacay
Gara gara lokdon sumanget jadi ngambay

Hayang indit neang gawe mayar kridit
Sieun covid ngan bisa doa komat kamit
Hirup morat marit aduh amit amit
Hese nginjeum duit babaturan pedit
Jigana kudu piknik ameh henteu panik
Kudu nu jauh ka bulan make ulang alik
Tibatan di imah kamar jamban bolak balik
Nepi ucing diajak ngobrol teu meunang balik

Kurang piknik nyieun hate rungsing
Kurang piknik kana sirah pusing
Kesel di imah ukur gulang guling
Loba teuing daring kudu piknik aing

Mangbulan bulan cicing di imah
Matak jangar pisan kana sirah
Rutinitas monoton nyien rudet
Boro boro pinter kalah jadi belet

Ngajedog yaa di imah yaa
Nga jepat panjang ciga bangke buaya
Indit teu bisa duit teu nyesa
Jadi korban korona teu bisa loba gaya
Kurang piknik matak mikir jadi sulit
Kurang piknik matak hate jadi julid
Kurang piknik matak jadi gampang sirik
Kurang piknik sia bisa jadi jurig

Loba duit teu bisa indit
Hayang piknik hayang piknik titik
Meuni sulit pikiran rumit miceun duit
Ges sono hayang meunang kesegaran
Meh awak bugar kudu loba rileksasi
Pram pam pam pam pam
Sudah lupa bagaimana cara nya bahagia
Banyak di rumah saja ga bisa manja manja
Beginilah efek kurang piknik

Rilekskeun heula ulah hilap istigfar
Tarik nafas urang keleumkeun
Rilekskeun heula urang kudu tenang
Rilekskeun rilekskeun
Unjam injem kasasaha
Bengeut enggeus teu mangrupa
Sabab nepi eweh kaera
Geus teu mikir dampak eta
Lain mikir hayang ngenah
Tapi jalan kie ayana
Kudu bisa kuat heula
Terus sabar nepi ka iraha

Da hirup mah moal lepas
Tina dodoja jeung gogoda
Salila kumelendang di alam dunia
Tina hikmah hiji lumpat kana
Hikmah lainna pasti aya
Makna di balik eta
Saayana anu letik heula
Bisa ngala kajeun hente gede
Syukuri heula ieu nu aya
Sabisa bisa jeung yakin pasti bisa
Alhamdulillah Alhamdulillah
Ieu kabeh pasti aya hikmah

Mangbulan bulan cicing di imah
Matak jangar pisan kana sirah
Rutinitas monoton nyien rudet
Boro boro pinter kalah jadi belet

Kurang piknik nyieun hate rungsing
Kurang piknik kana sirah pusing
Kesel di imah ukur gulang guling
Loba teuing daring kudu piknik aing

Mangbulan bulan cicing di imah
Matak jangar pisan kana sirah
Rutinitas monoton nyien rudet
Boro boro pinter kalah jadi belet
Related Posts

Related Posts

Posting Komentar